Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Roh Allah tumerap ka Amasai, salah saurang ti eta pasukan anu engkena ngapalaan ”Si Tilu Puluh”, seug Amasai ngagero, pokna, ”Nun Daud putra Isai, kuring sadaya kagungan anjeun! Mugia anjeun katut anu ngabarantu lulus mulus! Allah anu ngaping anjeun!” Eta pasukan ku Daud dibageakeun, seug dijaradikeun opsir baladna.