Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Waktu Daud geus aya di Hebron, loba pisan prajurit anu arasup ka balad anjeunna, kabeh arasak latih, arek ngabarantuan anjeunna jadi raja ngagentos Saul, sakumaha jangji PANGERAN. Jumlah bilangan baladna: Ti kaom Yuda 6.800 urang anu siap perang, pakarangna kepeng jeung tumbak. Ti kaom Simeon 7.100 urang, geus arasak latih. Ti kaom Lewi 4.600 urang. Ti cangkingan Yoyada turunan Harun 3.700 urang. Ti kulawarga Sadok, nonoman gagah, 22 urang kapala. Ti kaom Binyamin (kaomna Saul) 3.000 urang; kaom Binyamin lolobana mah saratia keneh ka Saul. Ti kaom Epraim 20.800 urang, di kaomna kakoncara. Ti kaom Menase Kulon 18.000 urang beunang meting sina ngabarantu ngarajakeun Daud. Ti kaom Isaskar 200 urang pamingpin katut prajurit cangkinganana masing-masing; ieu para pamingpin paraham ka nu kudu dilampahkeun ku Israil, tur nyaraho kana wanci mustari pikeun ngalampahkeunana. Ti kaom Sebulun 50.000 urang, prajurit-prajurit satia tur beunang diandelkeun, siap perang, palinter molah sarupaning pakarang. Ti kaom Naptali 1.000 urang pamingpin katut 37.000 prajuritna anu pakarangna kepeng jeung tumbak. Ti kaom Dan 28.600 urang anu geus arasak latih. Ti kaom Aser 40.000 urang anu geus siap tempur. Ti kaom-kaom wetaneun Walungan Yordan nya eta kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase Wetan 120.000 urang, geus arasak latih molah sarupaning pakarang.