Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Lila samemeh eta, sanggeus Daud nalukkeun Edom, panglima perang anjeunna, nya eta Yoab, indit ka Edom rek nguburkeun jalma-jalmana anu tiwas. Geus kitu Yoab sabaladna tuluy matuh heula di dinya meunang genep bulan, sarta salila eta waktu, maranehna maehan sakur lalaki urang Edom.