Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Sanggeus karumpul, Elias majeng nyaketan jalma rea, seug ngalahir, ”Rek nepi ka iraha aranjeun midua hate? Upama PANGERAN anu jumeneng Allah, sing narurut ka Mantenna. Upama Baal anu jadi Allah, Baal tarurut!” Jalma rea ngabaretem, henteu nembal sakemek.