Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jol nabi teh marek deui ka Ahab sarta miunjuk, ”Kieu timbalan PANGERAN, ’Ku sabab Kami ku Raja Siria dipajarkeun dewa gunung, lain dewa tanah lempar, balad Siria anu sakitu lobana ku Kami rek dielehkeun, maneh anu bakal meunang, sangkan maneh jeung jalma-jalma maneh nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.’ ”