Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Benhadad tuluy misaur, ”Kaula seja mulangkeun kota tuang rama anu kapungkur dirampas ku pun bapa. Sareng mangga Sang Raja muka pasar di Damsik, sapertos pun bapa kapungkur di Samaria.” Waler Ahab, ”Upami kitu sarat perjangjianana, sampean ku kaula dibebaskeun.” Geus kitu Ahab jeung Benhadad nanda perjangjian, sarta Benhadad dileupaskeun.