Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Mangga pariksakeun ka maranehna, tangtos dihaminan. Sarehing abdi-abdi dongkap teh dina dinten pesta, Daud mundut kasaean Bapa, mugi kersa nampi abdi-abdi. Mugi Bapa kersa masihan naon bae sakumaha karidoan Bapa ka abdi-abdi, gandek-gandek Bapa, sareng ka Daud, mitra Bapa.”