Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ku PANGERAN digentraan deui. Eta murangkalih teu terangeun yen anu ngagentraan teh PANGERAN, kawantu saumurna kakara harita digentraan ku Mantenna. Korejat deui muru ka Eli, unjukan, ”Ieu abdi, Bapa nyaur?” Waler Eli, ”Henteu anaking, kami teu nyaur. Jung sare deui.”