1 Samuel 9:24 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Seug daging teh ku nu popolah diangkat sapingping, sok diidangkeun ka hareupeun Saul. Geus kitu Samuel ngalahir deui, ”Ieu teh bagian meunang Bapa misahkeun keur hidep. Mangga dituang. Ngahaja ku Bapa disimpen keur hidep, supaya dituang ayeuna bareng jeung tamu-tamu ondangan Bapa.” Jadi dina poe eta Saul dahar bareng jeung Samuel.