Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Asa sasambat ka PANGERAN Allahna, piunjukna, ”Nun PANGERAN, Gusti mah tangtos gampil bae mitulung ka balad alit balad ageung oge. Tulungan abdi sadaya nun Gusti PANGERAN, reh abdi sadaya percanten ka Gusti, reh bade ngayonan balad anu sakitu ageungna teh ngemban pajenengan Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Moal aya anu unggul ngalawan ka Gusti.”