Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Satiap aya dulur sabangsa ti mana bae ngunjukkeun perkara anu tumali jeung urusan getih, atawa palanggaran-palanggaran hukum jeung papakon-papakon anu salian ti eta, ati-ati papatahan pilampaheun dina nandangan cocoba, ulah nepi ka maranehna nyieun kasalahan atawa dosa ka PANGERAN. Lamun henteu kitu, boh maraneh boh eta dulur sabangsa, bakal kacida dibenduanana ku PANGERAN. Lampahkeun kitu, sangkan maraneh ulah nyieun kasalahan.