Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Raja Amasia ngawangun pasukan balad ti kaom Yuda jeung kaom Binyamin, diatur nurutkeun golongan masing-masing, lengkep jeung perwira-perwirana, aya anu ngabawah sarebu prajurit, aya anu saratus. Kabehna aya 300.000 jelema anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, dijieun pasukan-pasukan anu siap tempur tur parigel metakeun tumbak jeung kepeng.