Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Di Samaria aya hiji nabi PANGERAN jenenganana Oded, megat balad Israil anu mawa boyongan urang Yuda, waktu eta balad geus meh asup ka kota. Pok misaur kieu, ”Najan enya urang Yuda keur dibenduan ku GUSTI Allah karuhun aranjeun nepi ka disina eleh ku aranjeun, tapi Mantenna ge waspaoseun yen aranjeun telenges, numpes ka maranehna.