2 Chronicles 31:1 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Sabada pesta wekasan, sakumna bangsa Israil ngadatangan kota-kota Yuda, ngancur-ngancurkeun tugu-tugu brahala, nyacar arca-arca Asera, ngaburak-barik tempat-tempat ngabakti ka brahala jeung altar-altarna. Kabeh dieuweuhkeun ti sakuliah Yuda, kitu deui ti wewengkon-wewengkon Binyamin, Epraim, jeung Menase. Geus kitu kakara maranehna baralik ka tempatna masing-masing.