Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ponggawa-ponggawana oge nyarumbang pikeun rahayat, pikeun para imam, jeung pikeun urang Lewi. Ari para pajabat anu ngatur urusan Bait Allah, nya eta Hilkia Imam Agung, Jakaria, jeung Yehiel, nyumbang dua rebu genep ratus anak domba jeung anak embe pikeun para imam, jeung tilu ratus sapi keur kurbankeuneun sapanjang pesta.