Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Kajaba ti anu tadi, Huram nyieun katel-katel, sosodok-sosodok jeung pinggan-pinggan. Sakur parabot anu ku Raja Suleman dipiwarang dijieun pikeun kaperluan Bait Allah, kabeh geus anggeus dijieun ku Huram. Barang-barang anu dijieunna nya eta: Dua tihang gede. Dua mamakutaan anu jiga cangkir jebleh di puncak eta dua tihang. Rante lilit papaes mamakutaan. Opat ratus dadalimaan, anu dipasang dua jajar, papaes mamakutaan. Sapuluh padati. Sapuluh paso. Hiji tatalagaan. Dua belas sasapian anu munggu tatalagaan. Katel-katel, sosodok-sosodok jeung garpuh-garpuh. Eta kabeh keur kaperluan Bait Allah anu dijieun ku Huram pikeun Raja Suleman, kabeh tina tambaga anu disangling.