Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Para imam ti sagala golongan geus araya, kabeh geus beberesih. Para pamaen musik urang Lewi oge jaronghok: Asap, Heman, Yedutun, jeung para anggota golonganana, marake pakean tina lawon lenen, narangtung deukeut altar pongpok wetan narabeuh kecrek jeung kacapi, dibarengan ku saratus dua puluh imam nariup tarompet. Breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN, pokna, ”Sagala puji ka PANGERAN, mulya manah-Na, mikaasih salalanggengna.” Sabot para imam kalaluar ti jero Bait Allah, eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN anu matak serab, nepi ka para imam teu karuateun lila-lila ngabaraktina.