Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Anjeunna ngatur kawajiban para imam sapopoena, ngatur kawajiban urang Lewi dina ngabantu papancen para imam tea jeung ngawihkeun kidung-kidung, nurutkeun aturan beunang Daud ramana. Ngatur para pangawal Bait Allah, ngatur rombongan-rombongan jagaan sapopoena di unggal gapura, sakumaha anu diparentahkeun ku Daud, abdi Allah tea.