Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
sarta miwarang muka jandela anu nyanghareup ka lebah Siria. Sanggeus jandela dibuka, Elisa marentah, ”Lepas jamparing!” Barang jamparing ngabelesat tina panangan raja, Elisa ngalahir, ”Jamparing PANGERAN! Anu ku Mantenna dikersakeun pikeun ngagempur Siria, sarta hidep bakal unggul. Gempur urang Siria ku hidep di Apek, tangtu eleh!”