Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Geus kitu anjeunna nimbalan sangkan Elisa ditangkep. Ari Elisa keur aya di bumi, keur cacarios jeung sepuh-sepuh anu sarumping natamu. Samemeh utusan raja nepi, anjeunna sasauran ka sepuh-sepuh, ”Aya utusan si tukang maehan ka dieu, bade nilas sirah kaula! Upami parantos dongkap, panto kedah di tulakan, ulah dipaparin asup. Moal lepat raja nuturkeun pandeuri.”