2 Kings 9:14 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Sanggeus kitu Yehu pasini ngamusuh ka Raja Yoram. Raja Yoram harita aya di Yisrel keur nambakeun tatu-tatuna urut perang di Ramot ngalawan Raja Hasael ti Siria tea. Saur Yehu ka para perwira kancana, ”Urang parantos sahate. Kade ulah aya jalma molos kaluar ti Ramot, heug mopoyanan ka nu araya di Yisrel.”