Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Yoab lebet ka bumi anu dicalikan ku raja, ngahaturanan pituah, ”Dinten ieu Gamparan parantos ngawiwirang balad, balad ku anjeun, anu parantos toh pati jiwa raga ngabelaan Gamparan, ngabelaan putra-putra pameget istri, ngabelaan garwa-garwa sareng parekan-parekan Gamparan.