Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Abner kasundut manahna, nyarekan ka Isboset, saurna, ”Rek nyangka Bapa hianat ka Saul? Rek nyangka Bapa enyaan ngabantu ka Yuda teh? Malah ku tina ngingetkeun ka Saul suwargina rama hidep, Bapa teh bebela ka saderek-saderekna, ka sobat-sobatna. Hidep pribadi ku Bapa sakitu dibelaanana kapan, henteu diselehkeun ka Daud. Ayeuna, kakara boga kasalahan sakitu jeung eta awewe, nepi ka digeunggeureuhkeun!