Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Bisi teu uninga, Daud ku PANGERAN geus ditangtukeun bakal nyandak ieu karajaan ti Saul saturunanana. Daud bakal jadi raja Yuda ongkoh, raja Israil ongkoh, raja sakuliah nagara ti tungtung nepi ka tungtung. Ayeuna da enggeus kieu, anggur rek sakalian ngabantu ngalaksanakeun hal eta! Lamun teu nepi ka kitu, kajeun dicabut nyawa ku Allah!”