Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Daniel, nu disebut oge Beltesasar, pohara reuwaseunana nepi ka teu kedal saur. Dawuhan raja ka anjeunna, ”Beltesasar, ulah sieun-sieun ku hal eta impian jeung pihartieunana.” Beltesasar ngawangsul, ”Nun Kangjeng Raja, mugi eta impenan katut pibalukareunana terapna ka musuh-musuh, ulah ka salira Jeng Raja.