Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Anjeunna diusir ti kalangan hirup manusa, sarta emutanana barobah, jadi teu benten ti adat sato, campur sareng kalde alas, tuang jukut sapertos sapi. Kulemna diluar di nu ngabuliklak, salirana teu kahalangan tina kaibunan. Ahirna anjeunna ngangken, yen Allah Nu Maha Agung murba kawasa ka sadaya karajaan manusa, sarta kawasa nyelehkeunana ka saha bae kersa-Na.