Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
tuluy ngadareuheus ka raja, ngadukeun. Piunjukna, ”Kangjeng Raja parantos ngaluarkeun parentah, anu ngalarang jalmi-jalmi teu kenging nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, di lebet tilu puluh dinten, kajabi ti ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar baris dilebetkeun ka guha singa.” Waler raja, ”Enya. Larangan keras. Dikukuhkeun ku undang-undang Media jeung Persia anu moal robah deui.”