Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
kudu unjukan ka PANGERAN, kieu, ’Sugri perpuluhan hasil tanah anu kedah dibaktikeun ka Gusti, saeutik ge teu aya nu nyesa di rorompok. Sadayana parantos dipasihkeun ka urang Lewi, ka urang asing, ka yatim pahatu, sareng ka randa-randa, tumut sakumaha timbalan Gusti. Sugri timbalan Gusti perkawis perpuluhan, teu aya anu dirempak, teu aya anu kalarung.