Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Mantenna bakal maparin berkah, sarta maraneh bakal reuay anak nepi ka bilangan maraneh beuki ngalobaan. Bakal cukup dahareun, gandum, anggur, minyak jetun, lantaran tanah maraneh bakal disina cukul. Bakal baroga sapi, baroga domba, paparin ti Mantenna. Eta sagala berkah bakal dipaparinkeun ka maraneh, di tanah anu ku Mantenna geus dijangjikeun ka karuhun pikeun maraneh.