Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ungelna surat, kalayan restu sang raja, urang Yahudi kudu taki-taki, sabilulungan ngabela diri. Lamun didatangan ku jelema-jelema anu marawa pakarang, ti bangsa mana bae, di propinsi mana bae, kudu diayonan sakuat tanaga, tumpes katut saanak pamajikanana. Enggeus meunang idin raja, basmi ulah aya nu kari, sarta harta kakayaanana rampas.