Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Harita geus tanggal dua puluh tilu bulan anu katilu, bulan Siwan, Mordekai nyaur para juruserat karaton, ngadiktekeun surat keur bangsa Yahudi, keur para gupernur, para bupati jeung pajabat-pajabat ti saratus dua puluh tujuh propinsi ti India nepi ka Sudan. Dikarangna dina basa jeung tulisan masing-masing propinsi. Anu keur urang Yahudi, nya dina basa jeung tulisan Yahudi.