Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Lamun aya anu gelut, pek anu saurang neunggeul make batu atawa nonjok lawanna, teu nepi ka paeh ngan nepi ka matak ngalonjor di enggon, jeung bisaeun deui leuleumpangan di luar sanajan bari kundang iteuk, anu neunggeulna henteu manjing disiksa, tapi kudu ngurus jeung kudu ngongkosan diubaranana nepi ka cageurna.