Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Nu matak Kami teh lungsur rek ngajait maranehna ti urang Mesir. Arek dikaluarkeun ti Mesir, rek dibawa ka hiji tanah anu nya lega, nya mukti, nya lendo, anu ayeuna keur dicaricingan keneh ku urang Kanaan, urang Het, urang Emor, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus.