Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Pangeran-pangeran urang kaler di ditu, kitu deui urang Sidon. Kakawasaan maranehanana kungsi ngageumpeurkeun batur, tapi ayeuna geus tarurun ka dinya, taya hargana deui, geus rareureuh ngajaloprak jeung anu tariwas ku perang, teu disarunat. Geus taya hargana cara nu sejen-sejenna anu geus tarurun ka dunya anu paraeh.