Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Jelema tea sasauran ka kaula, ”Ieu adegan duanana suci, paranti imam-imam anu baku marek ka PANGERAN ngadalahar kurban pangsucina. Luyu jeung kasucianana, eta kamar-kamar ku para imam dipake nyimpen kurban-kurban suci, nya eta kurban kadaharan, kurban panebus dosa, jeung kurban panebus kasalahan.