Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
”Eh manusa, ieu teh tahta Kami. Di dieu Kami pilinggiheun di urang Israil, seja ngereh ka maranehna salalanggengna. Urang Israil, boh jalma rea boh raja-rajana, teu meunang nganajiskeun deui jenengan Kami anu suci, ngabarakti ka brahala, atawa ieu tempat dijieun makam raja-rajana.