Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ari kaom-kaom anu tadi tacan kasebut, masing-masing kudu meunang sabagian. Tanahna kiduleun wewengkon suci, ngujur ti wates wetan nepi ka kulon ka Laut Tengah. Dibagikeunana marele ti kaler ka kidul ka kaom-kaom Binyamin, Simeon, Isaskar, Sebulun, jeung Gad.