Ezekiel 48:30 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ari kota Yerusalem lawangna kudu dua belas. Unggal kutana, anu panjangna masing-masing dua rebu dua ratus lima puluh meter, dina opat pongpokna masing-masing lawangna tilu sarta dingaranan ku ngaran kaom-kaom. Lawang-lawang dina kuta pongpok kaler ngaranna Gapura Rubin, Gapura Yuda, jeung Gapura Lewi. Lawang-lawang dina kuta pongpok wetan ngaranna Gapura Yusup, Gapura Binyamin, jeung Gapura Dan. Lawang-lawang dina kuta pongpok kidul ngaranna Gapura Simeon, Gapura Isaskar, jeung Gapura Sebulun. Lawang-lawang dina kuta pongpok kulon ngaranna Gapura Gad, Gapura Aser, jeung Gapura Naptali.