Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Dina bulan kadua taun kadua ti sabada daratang ka Yerusalem, urang Israil ngamimitian ngadegkeun deui Bait Allah. Serubabel, Yosua jeung batur-baturna anu sabangsa, urang Lewi, para imam, cindekna sakur urut boyongan, kabeh marilu digawe ngadegkeun. Jalma-jalma urang Lewi anu umurna dua puluh taun ka luhur dititah ngawaskeun eta pagawean.