Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Esra rea kauningana tina hal papakon PANGERAN, Allah Israil, anu ku Mantenna dipaparinkeun ka Musa tea. Ku berkahing PANGERAN Allahna, sapanuhun anjeunna ka raja, ku raja dikabul. Dina taun anu katujuh pamarentahan Raja Artahsasta, Esra ngantunkeun Babul, mulih ka Yerusalem jeung hiji rombongan urang Israil, di antarana aya imam-imam, kaom Lewi, tukang mamaos, tukang jaga Bait Allah jeung tukang digarawe di Bait Allah.