Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Sabada beres hal eta, sim kuring dibejaan ku sawatara kapala urang Israil, yen bangsa urang, kaasup imam-imam jeung kaom Lewi, geus teu marisahkeun maneh deui ti jelema-jelema anu caricing di kota-kota tatangga nya eta urang Amon, urang Moab, urang Mesir, atawa jeung urang Kanaan, urang Het, urang Pares, urang Yebus jeung urang Emor. Malah marigawe kalakuan anu dipigawe ku eta jelema-jelema, kalakuan anu pikagirukeun.