Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
sina nyaraho yen nya Kami anu ngahukum ka maranehna teh. Tapi aya sababaraha urang anu ku Kami rek diluputkeun, pikeun diutus ka bangsa-bangsa di nu jarauh, anu can ngadarenge kamashuran Kami, anu can nyarahoeun kaagungan jeung kakawasaan Kami, nya eta ka: Sepanyol, Libia jeung Lidia, kitu deui ka tukang-tukang panahna anu arahli, ka Tubal jeung ka Yunani. Sina nyaritakeun kaagungan Kami ka eta bangsa-bangsa.