Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ari maraneh, anu narurut jeung sieun ku PANGERAN, regepkeun ieu timbalana-Na: ”Ku sabab maraneh satia ka Kami, maraneh bakal dipikangewa jeung dipencilkeun ku sawatara dulur sabangsa, jeung diera-era kieu, ʼLain geura prak atuh PANGERAN teh nembongkeun pangawasa-Na nulungan ka maneh, kami hayang nyaho kumaha piatoheun maneh.ʼ Tapi nya maranehna pisan anu engke bakal mareunang era teh!