Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
PANGERAN ngawaler, ”Lamun maneh hayang balik, ku Kami tangtu dibalikkeun deui, jadi deui abdi Kami. Lamun maneh teu nguar-nguar deui omong kosong, sabalikna anggur nguarkeun amanat anu eusina munel, tangtu dijadikeun deui nabi Kami. Eta jalma- jalma tangtu daratang deui ka maneh, jadi maneh teu perlu ngadatangan.