Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
sarta kudu ngucapkeun timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa ka maranehna, kieu, ”Ieu bangsa jeung ieu kota, ku Kami rek diremukkeun cara ieu kendi, remuk hamo bisa weuteuh deui. Anu paraeh, dikuburkeunana nya di dieu pisan, di Topet, lantaran di mana-mana geus teu aya tempat keur ngubur.