Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Kami, PANGERAN, marentah. Maraneh kudu adil, kudu bener lampah. Kudu nangtayungan ka nu jadi korban panipuan, leupaskeun ti nu nipuna. Ulah teungteuingeun, ulah sawenang-wenang ka jalma asing, nya kitu deui ka yatim pahatu jeung ka randa. Jeung ulah sok ngahukum pati ka jelema anu teu salah di ieu tempat anu suci.