Jeremiah 24:1 — Compare Translations

1 translations compared side by side

Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
PANGERAN ka kaula nembongkeun dua karanjang dieusi buah kondang, diteundeun di hareupeun Bait Allah. Harita Raja Yoyakin bin Yoyakim raja Yuda geus ditawan ku Raja Nebukadnesar, ti Yerusalem diboyong ka Babul, bareng jeung pamingpin-pamingpin Yuda katut ahli-ahli jeung tukang-tukang.