Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, ”Bejakeun ka eta sakabeh yen Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil, marentahkeun sangkan maranehna ngarinum tina eta gelas nepi ka marabok utah-utahan, nepi ka tingjaloprak teu bisa carengkat deui, tina sabab perang anu dikeprak ku Kami sina narajang ka maranehanana.