Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
’Kami arek ngadatangkeun jalma-jalma ti tatar kaler, jeung ngadatangkeun abdi Kami, Raja Nebukadnesar ti nagri Babul. Rek dibawa ku Kami ka dieu, sina ngarurug ka Yuda sapangeusina, kitu deui ka bangsa-bangsa sakurilingeunana. Ieu bangsa jeung bangsa-bangsa tatanggana, ku Kami arek digempur, sina burak-barik sapapanjangna, jadi hiji kajadian anu matak reuwas jeung matak sieun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.