Sundanese Bible (Sunda) - KITAB SUCI (LAISUN) 1991
Ku Kami sina diudag-udag ku perang, ku kalaparan, jeung ku pagebug, nepi ka bangsa-bangsa saalam dunya sarieuneun nenjona. Di mana bae, di unggal tempat Kami ngaburencaykeun maranehna, jalma-jalma bakal karaget jeung ngarasa sieun, nenjo kajadian anu karandapan ku maranehna. Maranehna bakal jadi pamoyokan batur, ngaran-ngaranna bakal diparake sasapaan.